“ Syeh Benting Jeung Budak Angon Meri ”
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Sampurasun...!!! Batur-batur.....karumpul..kumpul ...!!!
Urang ngariung....yuuu.........!!!
Kuring
boga hiji dongeng .Dongeng ieu teh nyarioskeun salah sahiji dongeng ti
wewengkon basisir Cirebon,mangsa jaman para wali nyiarkeun agama
Islam.Ari judul dongeng ieu teh nyaeta “ Syeh Benting jeung Budak Angon
Meri “. Cobi geura pirengkeun cariosna teh kieu.
Dina hiji mangsa ,wayah sore ,memeh sarangenge surup ,ti beulah kulon
layung geus hibar, cahyana beureum hurung gumebyar kaemasan , Syeh
Benting keur mendeko sila dina galengan tambak sisi basisir.Syeh
Benting teh keur tatapa ,neangan kasakten , sangkan jadi jalma anu
sakti mandraguna,jadi lalaki langit lalanang jagat nu taya tandingna.
Syeh
Benting lalaku kituna teh ti mimiti tangkal randu sagede curuk nepi ka
sagede beuteung munding ,tatapana teh tacan tamat. Manehna sila wae
bari leungeunna sidakep sinuku tunggal ,matana peureum , pikiranana
panceg manteng kanu kawasa.
Hiji
waktu dina sajeroning tatapana ,manehna meunang gogoda.Godaanana teh
nempo kadaharan anu ngarareunah, ngajanggelek di hareupeunana.Sangu
saboboko, pais lauk,bakakak hayam,sambel tarasi, mani ngebul haraneut
keneh pisan kumplit jeung lalabna .bubuahan oge aya minangka cuci
mulutna. Syeh Benting kapincut , biwirna mani kumetap wae barang nempo
eta kadaharan teh.
”Keun
engke we lah didaharna, sakalian rek buka,mungkas tapa, mangsa panon
poe geus surup di beulah kulon”, gerentes hatena .Karek ge boga niat
rek buka tatapana,teu disangka jeung teu dinyana, teu kanyahoan timana
jolna,ujug-ujug burudul wae aya aleutan meri ngaranjah kana eta
kadaharan nepi ka beak , ledis taya sesana.Atuh Syeh Benting teh ambek
kacida,napsuna ngagugudug.Gajleng manehna luncat newak meri hiji ,terus
dicekek nepi ka paehna.Tacan puas maehan hiji meri,Syeh Benting malik
rek newak meri sejenna,barang malik, breh katingal ku manehna aya
jelema datang ngadeukeutan manehna bari ngomong “Hey ...ki sanak !
Naha anjeun bet wani- wani maehan meri kuring ?” si mana horeng jalma
anu datang teh budak angon meri.
“Kurang
ajar !” ceuk Syeh Benting anu can leungit rasa mengkelna,katambah –
tambah aya jelema nyalahkeun dirina.Hatena tambah ambek , nepi ka
beungeutna geuneuk,nahan napsu anu
ngagugudug
.Beungeutna beureum lir wayang Rahwana.Terus Syeh Benting ngomong
bari ngamang-ngamang leungeunna, “Hey....Ki Sanak.! Dahareun kuring
beak kabeh dihakan ku meri maneh ! Ayeuna maneh bet nyalahkeun kuring
? Naha maneh hayang dipodaran ku kuring ?” Ceuk Syeh Benting bari
popolotot.
“
Ke .ke..ke....Sabar heula , ki Sanak ! “ cek jelema tadi bari mesem. “
Dahareun anjeun sakumplitna ku kuring tangtu diganti ,tapi ... anjeun
kudu bisa ngahirupkeun deui meri kuring nu geus dipaehan ku anjeun !”
Ceuk budak angon meri bari tetep kalem.
“
Ngomong naon maneh ?!” ceuk Syeh Benting tambah sewot , hatena ngarasa
dihina ku budak angon,terus ngomong,”Ahhh ....timana maneh bisa
ngaganti dahareun kuring anu sakitu lobana ,keur dahar maneh sorangan
oge euweuh !”Syeh Benting beuki kekerot nahan amarahna.” Sabenerna
maneh teh kudu ngarasa untung....meri maneh henteu dipaehan kabeh ku
kuring !”ceuk Syeh Benting bari sukuna tetenjrag sarta leungeunna ti
pepereket nahan ka ambek .
“
Ke ....ke...ke... heula Ki Sanak ulah ambek-ambekan wae atuh , sabar
saeutik mah.!” Tembal budak angon bari tetep tenang ,terus ngomong deui
,” Tuh tingali geura tukangeun sampeyan , dahareun anjeun sakumplitna
masih keneh weuteuh.!”
“
Mustahil .... !” ceuk Syeh Benting bari malikeun awakna nempo ka
tukang.Barang malik, manehna kacida ngaranjugna ningali kadaharan anu
tadi beak diranjah meri teh,masih weuteuh keneh , teu coceng
saeutik-eutik acan .Syeh Benting ngajanteng salila-lila ,siga patung
,teu bisa ngomong bawaning ku ngarasa heran jeung kaget anu taya
hinggana.Sanggeus kitu Syeh Benting malikkeun awakna nyanghareup ka
budak angon deui. Barang malik, breh teh katingal budak angon teh keur
niupan hulu meri bari jeung leungeunna ngusapan kana awakna . Meri nu
geus paeh tea hirup deui , teu sakara-kara, bisa lumpat muru ka baturna.
Syeh Benting kacida hemengna terus mikir sarta ngomong sajeroning hatena,
”
Wala kadalah.....! ieu jelema teh lain jelema nu sabrongbrong yeuh.
Geuningan jelema sakti.Aing moal bisa ngahirupkeun deui meri nu geus
paeh mah! Duh....kaya kieu mah cilaka aing teh.Jalma kieu mah lain
lawaneun aing...... “! Ceuk Syeh Benting ngagerentes na jero hatena.
”
Kaya kieu mah aing teh rumasa eleh jajaten ku budak angon ! Na saha ari
ieu jelema teh ? Naha Dewa kitu ?”Syeh Benting tambah mentegeg teu bisa
ngomong.Lila-lila awak Syeh Benting ngarumpuyuk taya tangan pangawasa
,awakna leuleus lir kapas kaibunan , kesang tiis ngagarajag kaluar
sabulu-bulu bawaning ku sieun jeung ngarasa taluk teu bisa ngungkulan
kana kasakten budak angon.Terus manehna ngagabrug kana dampal sampeyan
budak angon bari ngomong dareuda “
Duh....ampun...ampun ...Ki Sanak... !!!.abdi ampun.!!!..Abdi rumaos
eleh jajaten ku salira.Hapunten abdi tos kumawantun campelak ka salira
.......hapunten abdi ....!!!... Abdi pasrah ...ka salira !”Syeh Benting
ceurik ngagukguk bari leungeunna acong-acongan nyembah ka budak angon
tea.
“Ki
Sanak ,anjeun teu kudu kikituanan ,sok komo bari nyembah ka diri
kuring.... da kuring mah jalma biasa .Anu kudu di sembah mah iwal ti
pangeran.Allah anu Maha Kawasa,anu nyiptakeun langit jeung bumi katut
saeusina.” Tembal budak angon daria pisan.”Sok geura hudang ! ulah kitu
....ah !”.Cek budak angon bari ngahudangkeun Syeh Benting lalaunan.
”
Kaulanun ...... !!! Dupi saleresna salira teh saha ? .....Ti danget
ayeuna abdi seja kumawula ka salira ,sarta abdi bade guguru elmu
luhung ti salira ,mugi salira kersa nampi.”
Ti saprak harita Syeh Benting ngawula ka budak angon, anu taya lian anjeunna teh SUNAN GUNUNG JATI,
anu nuju nyebarkeun agama Islam di tatar Cirebon. Nu saterusna Syeh
Benting ngucapkeun dua kalimah syahadat , ngagem agama Islam.
Tah sakitu dongeng ti kuring, mugi-mugi aya mangpaatna, jadi pieunteungeun keur kahirupan urang sarerea .Cag......ah !
Wassalamu alaikum wr.wb................................
Tidak ada komentar:
Posting Komentar