Jumat, 24 Februari 2012

contoh naskah dongeng berbahasa sunda

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh .   
Sampurasun ………….!
Para wargi  sadaya wilujeng  tepang ….., kumaha  daramang  …………?!
Alhamdulillah  urang tiasa patepung lawung ,  patepang raray di ieu pajemuhan  dina raraga  ngaraksa  sarta ngamumulě  seni budaya urang , budaya Ki Sunda , malar lana ayana.
Para wargi sadaya  …..dina danget ieu sim kuring  badě ngadongěng ….. dupi dongeng ieu těh  nyarioskeun salah sahiji dongěng ti wewengkon Cirebon . Dupi judul ieu dongeng těh  . nyaěta  “ Babad Alas Roban  “. Cobi geura  darangukeun  kieu cariosna těh.
Kocapkeun dina hiji mangsa  aya hiji jajaka keur leumpang mapay  jalan satapak semu teunangan.Ari dedeganana ěta jajaka těh  sembada , rarayna kasěp.Mun ningal raksukanana anu dianggo,jigana mah teureuh měnak,da katingal gandang.Tapi pameunteuna těh katingal  alum semu ngungun ,jiga nu keur manggih kabingung nu taya tungtung , susah manah nu taya hinggana.Sapanjang jalan katingal luh-lah bari rumahuh semu ngalamun.
“ Hhhhhaaaahhh …… Aya kalangkang kabagjaan nu baris kahontal, bakal laksana kapiduriat nyandingkeun nu geulis Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton ,kapimilik diri ngalaki rabi,  tapi………aaaahh……..naha kangjeng Sultan měrě tanjakan  těh mani beurat-beurat teuing ? “ kitu gerentes hatěna těh.” Naha ….kangjeng Sultan těh keur mentěs těkad kaula nu rěk mikanyaah kanu geulis Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton ? atawa miceun salasah sangkan kaula henteu laksana nyandingkeun nu geulis ? duuuuhhhh ……!!! “ ceuk gerentes hatěna  bari terus lumampah nuju ka teběh wětan .Mana horěng ěta jajaka těh Pangeran Sutajaya anu dipasihan pancěn ku Sultan Cirebon  pikeun ngadamel padukuhan di wewengkon Alas Roban,kalayan diběrě jangji ,lamun hasil ngalaksanakeun ěta pancěn, baris ditikahkeun ka putrina anu geulis Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton.Anu ngajadikeun bangbaluh kana hatěna nyaěta kudu ngabukbak leuweung geledegan pikeun dijadikeun padukuhan.Sedengkeun ěta leuweung  geus kawěntar sanget,sunil tur  pangeusi alas roban těh  sarakti. Geus loba pinangěran , para satria jeung para ponggawa anu teu mangga pulia , palastra di alas roban ,teu bisa ngalaksanakeun pancěn sultan.
Gancangna carita Sutajaya těh geus nepi ka wewengkon rarambu alas roban.Sanggeus ngareureuhkeun kacapě, maněhna terus sila ,leungeuna sidakep sinuku tunggal,museurkeun tanaga jeung pikiran ,mapatkeun jampě pamakě , ajian kasaktěn nu aya dina dirina .Teu sabaraha lila ti harita , kuniang maněhna hudang ,bari ngulang-ngulangkeun leungeuna ka kěnca , ka katuhu, ,kaluhur sarta ka handap. Ngan sakilat  tutuwuhan  anu jarangkung  pada rubuh,tatangkalan baradag rarungkad,sumawona kakayon  nu laleutik mah lidig  siga nu di arit di cacar bolang nepi ka rata . Kaděngě sorana pating galebrug ,pating dorokdok . Sanggeus kitu terus dihuru.Seuneuna ngelun ,ngentab-ngentab,silalatuna  ting serewul ngapung kaluhur,haseupna  mulek moěkan ěta patempatan.
Urang teundeun heula lalampahan Sutajaya anu keur ngabukbak leuweung.Kocapkeun kaayaan di hiji tempat di jero Alas  Roban.Pangeusi alas roban keur ngariung sigana mah keur sawala ,madungdengkeun kaayaan alas roban.katingalna těh mani daria pisan.
“ Ki Wana  ,Ki Giri, Ki Rawit, Ki Sanca ,Ki Jalatrang , Ki Rangga katut dulur-dulur sakaběh Pangeusi . Ngabandungan kajadian-kajadian nu geus kaliwat ,geus loba duruwiksa nu rěk ngaranjah  tur ngaruksak ,lemah cai  urang.Ku kituna  sarěrěa  mangka surti ati-ati, masing waspada ,sing caringcing pageuh kancing,saringset pageuh iket. Tingkatkeun kawaspadaan. ! “ Ki Panghulu minangka pupuhu alas roban nyarita daria pisan.
“ Leres pisan , kakang  ! “ Ki Wana  nyarita “ Lemah cai urang nu ěndah ,hějo ngěmploh,gemah ripah loh jinawi,taya kakurang sandang katut pangan ,pon kitu deui kahirupan urang nu salila ieu genah tumaninah , ayem tengtrem,sepi paling towong rampog taya durjana nu nyaliara,kiwari  rěk diacak – acak,kula mah teu tarima !“
“ Enya , kula gě sapuk….. panuju ……lamun urang henteu guyub sauyunan ,sareundeuk saigel, sarěngkak sapihaněan, mirosěa,ngaraksa tur ngariksa  ieu lemah cai urang,geus tangtu  ieu patempatan urang  bakal digadabah ku duruwiksa.,teu tarima kula gě !!! “ Ki Rawit  mairan .
” Panuju pisan …Ki Rawit …! Lamun lain ku urang  sarěrěa  rěk kusaha deui atuh nu micinta lemah cai těh ? “ Ki Rangga  němbal sumanget pisan.
  “ Sarua kaula ogě….lamun aya nu rěk ngaganggu kahirupan urang ,kula nu baris pangheulana maju kahareup pikeun numpes durjana těh …..” Ki Sanca nyarita semu nu ambek.
“ Panuju …..kula gě siap sayaga …..narohkeun nyawa katut raga pikeun ngaběla lemah cai ,kumaha dulur-dulur  siap !!  panuju …!!! “ ceuk Ki Jalatrang  sumanget bari nangtung sarta ngacungkeun peureupna ka luhur
“ Panuju …. Sapuk….. satuju ……… siap……!!! “ jawab sakaběh nu ngariung rampak
Tapi gunem catur pangeusi Alas Roban těh ngadadak jadi simpě,kagareuwahkeun ku ayana sora nu pating dorokdok jeung pating galebrug sarta katingali seuneu marakbak ngahuru kakayon .
“  Kahuruan……………!!   .kahuruaaannnnnn……… !!    Kahuruaaaaaaaaaaannnnnn !!! “
Pangeusi rarambu  alas roban  pating corowok sarta ting serebet  lalumpatan  muru ka tengah leuweung nyalametkeun dirina sěwang-sěwangan. “ Tulung…. Tuluuung  ….. !!  Kahuruan……. Kahuruan….tuluuuuuuungngng…..!!!”
“ Dulur-dulur ….kaya-kaya   durjana nu rěk  ngaruksak těh geus datang deui  !!! mangka waspada , geura sayaga ,siapkeun pakarang ,   urang kepung wakul buaya mangap tah  si duruwiksa těh  !!” Ki Panghulu ngagorowok .
“ Siap ……..!!!      sayaga………!!!   hayuuuuu…!!!!  ceuk nu sějěna pating corowok  bari terus lalumpatan muru aka lebah rarambu leuweung  beulah kulon.Barang maraněhanana datang , katempo aya hiji jajaka keur ngahuru ěta patempatan.
“ Kurang ajar ,  siah duruwiksa  ! “ Ki Sanca ngagorowok ,sorana handaruan tarik pisan,  Ěta  patempatan mani eundeur  ku sora gorowokna Ki Sanca. Gajleng maněhna luncat  sarta ngaheumbatkeun  panonjok ka lebah Sutajaya. Atuh Sutajaya kacida kagětna ,barang karěrět  aya peureup buleud rěk nonjok dirina . Lep Sutajaya ngelok, plos, tonjokan Ki Sanca ngeplos. Nempo tonjokan Ki Sanca ngeplos,Ki Rawit ngagajleng najong Sutajaya ,gilek Sutajaya ngagilekkeun awakna  bari leungunna něwak suku Ki Rawit sarta dibantingkeun ka Beulah kěnca, atuh  gebru Ki Rawit  ngagebru dina taneuh ,” Haram jadah …Siah !!” Ki  Rawit ngagerung. Ki Wana jeung Ki Dipa  teu cicingeun ,duanan ngepung ti beulah kěnca jeung katuhueun Sutajaya,gajleng duana luncat rěk nubruk Sutajaya, barang nempo aya musuh ti kěnca jeung katuhueunana rěk nubruk,cleng….Sutajaya ngajleng kaluhur,atuh ….brak….tarang Ki Wana paadu jeung tarang Ki Giri,” Bangsat…siah   !!!” Ki Wana jeung  Ki Giri ngagorowok  nyerieun bari leungeunna nyekel tarang nu bencenong siga nu nongnong. Nempo kaayaan kitu Ki Jalatrang teu cicingeun,sěrěpět maněhna  mesat bedog terus diheumbatkeun kana beuheung Sutajaya. Sěak…. Gurilap seuseukeut bedog Ki Jalatrang  moro genggerong ,Sutajaya ngelok bari najongkeun sukuna kana bobokong Ki Jalatrang, solontod Ki Jalatrang nyolontod,….gebro   !!   awakna neunggar tangkal “ Aduh… !!! Ki Jalatrang ngarahuh. “ Nurus tunjung siah !!“.Ki Panghulu nu nyaksian ka ayaan kitu  ngagerentes dina jero hatěna “  Lakadalah…. Lain bantrak-bantrakeun yeuh…pangabisa   si durjana těh ,” bari terus kekeprok měrě isarah kanu liana. Keprokna ogě lain keprok samaněa,tapi keprok nu ngandung tanaga jero nu kacida geděna. Barang ngaděngě  aya sora kekeprok,Ki Wana ,Ki Giri jeung nu sějěna pada surti ,terus maraněhanana sarila,bari ngarapetkeun dua dampal leungeuna ,sarta katingali pating gerenyem mapatkeun ajian.Teu lila ti harita kaděngě aya sora handaruan “    Puaaahhh! “,maraněahanana murakeun ajian ka lebah Sutajaya bari ngaheumbatkeun dua dampal leungeuna..Sutajaya kagět kacida, blak ..awakna ngajengkang katukang . Awakna ngadak – ngadak jadi leuleus taya tangan pangawasa,ngaleketey lir kapas kaibunan.” Aduuhhh..!!! Tobaaaatttt  .!!  cenah .Sutajaya ngajerit.  “ Cilaka , kaya kieu mah aing těh ,yeuh ….!” Sutajaya ngagerentes.Tapi teu lila kituna těh, maněhna gancang, diuk bari terus sila ,sarta sidakep sinuku tunggal. Teu sakara-kara awakna  jadi jagjag deui.. Korejat maněhna hudang, jleng… luncat ninggalkeun pakalangan ,terus lumpat ngulonkeun. Teu diděngě pating corowokna pangeusi alas roban mah ,maněhna geus ngarasa katětěr, ěleh jajatěn ku kasaktěn pangeusi alas roban.Sanggeus rada anggang ti rarambu leuweung, Sutajaya ngalungsar handapeun tangkal kiara,hatěna norowěco.
 “ Beu Cilaka  kaya kieu  mah  aing těh , bener ….lain ngan ukur běja  ..kasaktěn pangeusi alas roban těh     geuning . Kudu kumaha atuh…..ngungkulanana ?.” Sutajaya humandeuar jiga nu pegat  harepan, sabab teu bisa ngalaksanakeun pancěn Kangjeng Sultan.
 “ Duuuhh ……moal  laksana aing těh nyandingkeun nu geulis  Sekar Kedaton.” Sutajaya ngarahuh,semu hanjelu  sarta bingung.
“ Anaking….Kasěp…Sutajaya   !! “ ngadadak aya sora halon pinuh kadeudeuh sarta ngajanggělěk  hiji sepuh nangtung dihareupeun Sutajaya.
“ Rama… !?!” Sutajaya ngarěnjag kagět lain dikieuna pacampur jeung bungah nu taya papadana . Mana horěng ěta sepuh těh ramana , nyaěta Ki Gedě  Pakandangan.
“ Anaking….  Ama geus ngarti kana lalampahan anjeun .Ku ama geus ka warti . Tapi naha  anjeun bet kitu ? “ Ki Gedě Pakandangan  nyarita semu nu nyalahkeun kana lalampahan  Sutajaya.
“ Kapan ……ieu těh pancěn ti Kangjeng Sultan , Rama ? ” Sutajaya ngajawab.
“ Enya ,kaharti ku Ama ogě . Ngan Hidep ngalaksanakeun ěta pagawěan těh dibarengan ku napsu amarah ! “ Ki Gedě Pakandangan ngajawab daria pisan. “ Sok komo  bari jeung teu makě tata krama,ninggalkeun sopan santun, ngaranjah lahan batur tanpa permisi ,naragal henteu ngajak badami kanu nempatanana. “ Ki Gedě Pakandangan neruskeun deui omonganana.Barang ngadangu cariosan Ramana kitu,Sutajaya ngeluk tungkul lir bueuk meunang mabuk.Rumasa boga lampah samoděl kitu.
“ Duh… hapunten Rama, rumaos abdi kirang wiwaha .” Sutajaya ngajawab bari ngalengis.
“ Jig ,Ayeuna mah geura miang  deui  ka ditu.Geura tembrakkeun niat suci  jeung  pamaksudan ka maraněhanana ,yěn pancěn nu diemban ku hidep těh ,pikeun karaharjaan sarěrěa .Tong poho  kana tatakrama,ulah maksakeun kahayang , sok komo ngarobah tatanan kahirupan nu aya . Bral geura miang  anaking…do’a ama marengan ! “ Kitu kasauran Ki Gedě Pakandangan .
“ Unjuk sumangga , Rama , Hatur nuhun kana piwejangna “Sutajaya ngajawab bari terus cengkat .Tapi kacida kagětna ,barang cengkat  Ramana parantos teu aya duka ngiles kamana.Sanggeus kitu  maněhna  ngajugjug ka Alas Roban  seja neruskeun deui lalampahanana ngalaksanakeun pancěn ti sultan Cirebon.
“  Sampurasun ……….!!!” Sutajaya unjuk salam ka pangeusi alas roban.
“ Rampěs…      !!! “ Tembal Pangeusi alas Roban saur manuk.
“ Ki Sanak … saha ari anjeun ? Urang mana ? jeung naon pamaksudan sampěyan ?” Ki Panghulu  nanya ka Sutajaya.
“ Sim kuring  Sutajaya, ti Pakandangan, langkung ti payun seja nyanggakeun  beuheung teukteukeun ,suku gentěng belokeun,rumaos kaula  parantos  kumawani naragal ieu patempatan bari teu běběja , rumaos kirang wiwaha.,sakali deui hapunten anu kateda. Kaping kalihna kaula těh kěnging pancěn  ti  kangjeng Sultan  pikeun  ngababakan ngadamel hiji padukuhan di ieu patempatan. “ Těmbal Sutajaya  bari sideku  dihareupeun para sesepuh pangeusi Alas Roban.
“ Nya …ari kitu mah , pamaksudan  andika  geus kaharti ku kaula , Lamun enya ěta pamaksudan těh keur kamaslahatan balarěa ,kaula satuju. Ngan  ngaruksak tatanan kahirupan nu aya,sarta bisa ngawujudkeun  karaharjaan pikeun balarěa.Kaula jeung pangeusi alas Roban moal rěk ngorětkeun.” Ceuk Ki  Panghulu teges pisan .
“  Hěy …. Sakaběh pangeusi alas roban  naha aranjeun satuju lamun ieu patempatan rrěk dijadikeun padukuhan anu mangpaatna pikeun karaharjaan balarěa  ? “ Ki Panghulu nanya ka balarěa .
“ Satuju………… Sapuk ……….!!! “ Ceuk balarěa  ragem.
“ Saupama kitu mah ,hayu urang guyub sabilulungan ,pikeun ngawujudkeunana,sarta urang babarengan ngaraksa ngariksa ,sarta ngaropěana,sangkan ngawujud nagara anu gemah ripah lohjinawi ku nyiptakeun  kahirupan  nu raharja ku cara  Silih asah,silih asih,jeung silih asuh.” .Sanggeus sarěrěa  sapamadegan, Sutajaya katut sakaběh pangeusi alas roban ti hot hat nyieun padudukan nepi ka ngawujudna.
Gancangna carita Sutajaya geus hasil ngalaksanakeun pancěn ti Kangjeng Sultan,nu saterusna ditikahkeun sareng  Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton.
Tah , sakitu dongěng ti sim kuring muga aya mangpaatna pikeun urang sarěrěa.
Cag ……Ah  !!!
Bilahi taupik walhidayah  wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

2 komentar:

Unknown mengatakan...

Ini dongeng tentang apa?

Anonim mengatakan...

Tentang siksa kubur