Jumat, 24 Februari 2012

contoh naskah pidato Kanggo Patandang ……….. PASANGGIRI BASA , SASTRA SARENG SENI SUNDA

Bismillahir rohmannir rohim
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Sampurasun  ……………..!!
Sugrining Puji rawuh rasa  syukur langkung ti payun dihaturkeun kahadirat Alloh Illahi Robbi ,anu murběng alam  , anu parantos maparinan mang pirang-pirang kani’matan ka urang sadaya,terutami ni’mat  Islam  sareng Iman  tug dugi ka danget ieu urang tiasa patepung lawung patepang raray dina raraga ngamumulě tur ngaraksa budaya ki Sunda.
Solawat miwah salam  mugia tetep digolontorkeun ka jungjunan alam rosululloh solollohu alaihi wasalam  ka para sohabatna, ka kulawargina oge ka urang sadaya salaku umatna tug dugi ka akhir jaman. Amin ya robbal ‘alamin.
Para wargi hormateun sim kuring,
Sakumaha anu parantos kauninga ku urang sadaya ti  dinten  ka dinten , nguntuy  minggu ,mapay bulan, ganti taun těh , masarakat urang teu aya kendatna ditaragal  ku kabudayaan deungeun .Dina leresan ieu tangtos katitěnan sarta  karaos pisan ku urang, kumaha parobahan parobahanana,ti kawit tingkah laku,basa sareng budaya ki Sunda geus loba nu ditinggalkeu ku urang Sundana. Sok komo   dina jaman kiwari mah , jaman těhnologi anu sarwa canggih, gampil pisan narekabna budaya deungeun těh  nepi ka imah-imah ,sarta dipikawanoh ku anggota kulawarga , tinu leutik nepi ka indung bapana bari jeung taya filter pikeun nyaringna . Malah mah geus jadi kacapangan, mun teu nurutan ti mimiti makě pakěan , kalakuan jeung pola hirup  siga nu ditayangkeun dina televisi , dianggap  tinggaleun jaman cenah alias kuno.,kuper jeung istilah istilah liana.Sakapeung mah  urang těh sok salempang, boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti . tapi ……aaah  …palias teuing.!!
Ku hal ieu urang teu tiasa ngantep karep ,meungpeun carang,sok komo ngapi lainkeun  kaayan kieu,jalaran  hal ieu těh hiji masalah  ungkulaneun urang sadaya.
Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida matak pikasalempangeunana,teu aya saněs,urang anu masih keneh mikanyaah tur mikadeudeuh  ki Sunda kedah guyub ,akur,sapuk sapamadegan ngahiji sabilulungan , ngawujudkeun hiji beungkeutan kakuatan,pikeun  narěkahanana. Sabab rěk ku saha deui Ki  Sunda lana ayana lamun teu diropěa,dijaga,diriksa jeung dipiara , lamun lain ku urang sadaya salaku sěkě sělěr  ki  Sunda .. Hususna masalah nu aya rambat kamalěna  sareng seni,budaya katut basa Sunda.Upami urang parantos sapamadegan  kana jentulna masalah,urang tangtos bakal mendak jalan pikeun ngungkulanana.
Parawargi sadaya,hormateun sim kuring,
Numutkeun panitěn simkuring ,sabagian ageung masarakat urang, kitu deui para gegeděn  nagara,masih kěněh  kagungan anggapan  yěn seni budaya těh ngan ukur pikeun
hiburan,panglelejar manah         .Tebih tanggěh kana tiasa ngajěnan yěn  seni budaya  těh hiji  ciri identitas bangsa ,ajěn diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa..
Anggapan sabagian ageung masarakat anu sapertos  kitu těh  ngagambarkeun  yěn wawasan maraněhanana masih kěněh cupet tur heureut .Hal  ieu teu tiasa diantep karep,urang kedah  satěkah polah  nyingraykeun lalangsě  paneuteup samoděl kitu.
Sapanjang seni budaya  mung dianggap barang kanggo hiburan ,seni Sunda moal pinanggih jeung  pamor komara ajěnna.Kukituna  paneuteup atanapi pandangan samoděl kitu těh kedah ditarěkahan  sina robih.
Parawargi sadaya,hormateun sim kuring,
Upami ngadangu cariosan pun aki sareng pun nini   kaayaan seni budaya ki sunda  mangsa baheula  mah cenah , contona dina taun  tujuh puluhan wě nepi ka taun dalapan puluhan .naon  rupi kasenian sunda těh di unggal sakola ti kawit Taman kanak Kanak ,SD,SMP,SMA diwulangkeun ka murid-muridna .Sapertos , seni tari,pencasilat,karawitan,gondang ,calung,rěog, pupuh ,angklung jeung sajabana. Malah mah cenah aya taman bincarung,taman cangkurileung sagala ,anu lalaguanana ěstu pinuh ku atikan sareng ajaran budi pekerti, sarta unggal taun diayakeun pasanggirina.Para guru na oge cenah baheula mah parigel pisan kana rupi rupi kasenian sunda těh. Di tiap sakola lamun samen atanapi kenaikan kelas sok diayakeun “ Panggung Gembira ”anu ngagelarkeun kamoněsan tur kaparigelan murid-muridna. Malah mah cenah  di tiap instansi pamarentahan ogě  aya sanggar atanapi lingkung senina. Hal ěta kiwari ngan ukur jadi carita nu ěndah,tur jadi panineungan para sepuh kapungkur.Tah  dina jaman kiwari, naha hal ěta tiasa di hangkeutkeun deui ?.Panginten kaalaman ku sim kuring ayeuna ,kumaha ěndahna  hal samoděl kitu těh.
Para wargi sadaya  hormateun sim kuring,
Minangka pamungkas  sim kuring sasanggem dina ieu kasempetan, sim kuring umajak ka sadayana hayu urang sabilulungan miara ,mirosěa,ngaraksa ngariksa tur ngaropěa seni budaya Ki Sunda sangkan lana ayana ,ku cara karya nyata  bari ngawujudkeun silih asah,silih asih silih asuh.
Sakitu anu kapihatur mugia aya mangpaatna . cag …..ah  !!!
Billahi taopik wal hidayah wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Tidak ada komentar: