Kamis, 23 Februari 2012

yuk yang ingin belajar bahasa sunda

     Mata Pelajaran            : Bahasa Sunda
                                       Kelas                           : VII (Tujuh)
                                       Hari/Tanggal               : Sabtu
                                       Waktu                         :  2 jam pelajaran

A. Pilihan Ganda
Pilih jawaban anu pangbenerna di antara A, B, C, jeung D!
Paguneman
Tati      : “Mémang rada sesah ngabéntenkeun cara nyerat e sareng eu. Saur pun bapa mah, kedah seueur latihan ngupingkeun teras diserat ku urang.”
Déni    : ”Upami teu lepat mah duanana lebet kana hurup vokal, nya?”
Tati      : “Muhun leres. Hurup vokal dina basa Sunda sadayana aya tujuh, nya éta a, i, u, é, o, e, sareng eu. Nu pangsesahna ngabéntenkeun hurup e sareng eu. Soantenna duanana ampir sami.”
Siti       : “Tati, kinten-kinten engké sonten aya di bumi henteu? Abdi badé ameng. Abdi hoyong diajar ngabéntenkeun hurup e sareng eu.”
Tati      : “Aya, mangga diantos!”
Asép    : “Tong hilap, sayogikeun kuéh nu seueur, nya?”

1.      Anu teu milu ngobrol dina paguneman  di luhur nya éta …                                                        
      a. Siti          b. Tuti                          c. Asép                                    d. Déni
2.      Sangkan lancar ngabédakeun hurup E  jeung EU, carana téh kudu …                                        
     a. seueur nyerat teras latihan             
     b. seueur latihan nyerat
     c. seueur ngupingkeun paguneman   
     d. seueur latihan ngupingkeun teras diserat
3.      Naon sababna Siti nanya ka Tati aya    
      henteuna di imah?                                                               
    a. hayang ngobrol jeung Tati        
    b. rék nyampeur jalan-jalan
    c. rék migawé PR di imah Tati    
    d. hayang ulin rék diajar basa Sunda
4.      Dongéng “Sakadang Peucang” kaasup kana dongéng ...                                                           
      a. parabel          b. fabel                
      c. sasakala       d. sage

Wacana
NULUNGAN AKI-AKI
”Ki, badé meuntas?” ceuk kuring bari nyekel leungeun Si Aki. Nu ditanya teu némbalan, ngan ngalieuk sakedapan ka kuring. Kuring imut.
”Yu, Ki, ku abdi dipangmeuntaskeun,” ceuk kuring deui bari angger nyekel leungeunna. Lila ogé ngadagoan orotna pasuliwerna kendaraan téh. Geus rada orot, kuring buru-buru ngajak Si Aki, tapi nu diajak ngadon cicing waé.
”Ah, moal Néng, Aki mah moal meuntas. Aki mah keur néangan incu Aki, ti tadi can kapanggih,” ceuk Si Aki.
5.Naon nu dilakukeun ku Si Aki basa ditanya rék meuntas ku tokoh kuring?                                 
     a. teu némbalan ngan ngalieuk sakeudeung  
     b. teu némbalan ngan unggeuk baé
     c. némbalan ngaenyakeun                         
     d. némbalan embung dipangmeuntaskeun
6. Omongan naon nu kedal ti Si Aki basa langsung diajak meuntas?                                            
      a. ngomong moal meuntas             
      b. ngomong geuwat meuntasna
      c. ngomong sieun meuntas            
      d. ngomong hayang ditungtun
7. Ah, moal Néng, Aki mah moal meuntas.
    Harti kecap Aki tina kalimah nu aya di luhur, 
    nya éta ...                                                                
     a. bapana indung urang                      
     b. bapana bapa urang            
     c. sebutan ka lalaki nu geus kolot pisan  
     d. sebutan baraya urang nu geus kolot pisan
8. Conto parobahan harti ngalegaan aya dina kalimah …                                                      
      a. Unggal soré, Nabilah diajar di madrasah Al-Muslimun                                                      
       b. Dudén ngalamar pagawéan jadi tentara                                                                             
       c. Di Pasantrén Ciwaringin, ampir unggal poé sok 
           diajar kita   konéng                                             
       d. Kiwari mah sarjana téh réa nu nganggur

Béwara
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Diuningakeun ka sadaya siswa SMPN 1 Sumber, Sakola urang badé ngayakeun seléksi pikeun jadi patandang nembang pupuh, dina raraga milih dua patandang kanggo wakil sakola ngiring pasanggiri nembang pupuh sakabupatén

9.      Eusi nu ditepikeun dina conto béwara di luhur ngeunaan …                                                    
      a. kapapaténan                      c. imunisasi polio                                        
       b. seléksi patandang pupuh   d. pasanggiri nembang pupuh
10.  Manéhna milu pasanggiri nembang pupuh.
Harti kecap pasanggiri dina kalimah di luhur nya éta …                        
      a. lomba            b. peserta     c. patandang   d. tampil
11. Istilah kaséhatan nu aya patalina jeung alat nu bisa dipaké dina widang kaséhatan, nya éta …
       a. dokter, puskésmas              c. rumah sakit, puskésmas
       b. jarum suntik, dokter            d. térmometer, jarum suntik
12.  Maneh mah jeung adi teh siga ucing jeung anjing. Kaasup kana gaya basa ….
       a. personifikasi       b. simile       c. mijalma        d, rautan
13.  Conto kecap anu maké rarangkén hareup di-, nya éta …                                                            
       a. didinya          b. ditincak      c. diuk             d. di sakola
14.  Conto kecap nu maké rarangkén hareup ka-, nya éta …                                                                a. ka pasar      b. katincak     c. ka sakola      d. kamari
15 . kuriNG; In;dit; k bn;du G;…                                                       
a. kuring indit ka Bandung                                              
b. sawah Haji Abubakar lega pisan                      
c. Déwi boga bapa ngaranna Propesor Supomo                                                   
d. ki Hajar Déwantara ditetepkeun jadi pahlawan nasional

B. Essey
Jawab pananya ieu di handap ku jawaban anu bener tur merenah!
1.      Dongéng “Sakadang Peucang” kaasup dongéng fabel. 
      Naon hartina dongeng fabel téh?
2.      Sebutkeun 2 conto dongeng parabel
3.      Naon hartina dongeng sasakala (legenda) bere conto judulna
Kerjakeun di kertas salambar jawabanna wungkul!
 Terus kumpulkeun ka piket!

Tidak ada komentar: